Harta Jeung Kulawarga

HARTA BANDA JEUNG KULAWARGA KUDU SAIMBANG JEUNG IBADAHNA

Motto:
"He jalma-jalma anu ariman, ulah katungkulkeun ku harta banda jeung kulawarga maraneh, nepi ka poho ka Alloh. Sing saha nu kitu, eta teh jalma nu rugi".
(Al-Munafiqun:9)

Urang teh teu tiasa pisah tina harta banda jeung kulawarga, tapi ulah katungkulkeun ku eta perkara nepi ka mopohokeun kana ibadah jeung eling ka Allah.

Eta ayat kudu dijadikeun bahan ukuran pikeun salira urang sateuacan diukur ku batur.

Sanajan urang teu beunghar, tetep we urang teh teu lesot tina dunya sanajan saeutik, sanajan teu boga anak, tetep we ibu rama atawa dulur mah boga. Tah eta teh disebutna harta banda jeung kulawarga tea.

Agama oge nganjurkeun kudu ngamumule kana harta banda sareng kulawarga, tapi kudu disaimbangkeun jeung ngabdi ka Pangeran, malah dina ngamumulena eta harta sareng kulawarga teh kedah dumasar kana ibadah ka Pangeran.

Uzlah ka leuweung anu dumasar alim diganggu ku harta jeung kulawarga, eta teh disebutna seuseuneueun, sabab hirup di tempat nu singkur jauh ti batur, encan puguh bisa lesot tina harta sanajan saeutik. Kitu deui hate can puguh bisa lesot tina ingetan ka kulawarga. Nu puguh mah kawajiban-kawajiban ka kulawarga sareng ka masyarakat ditinggalkeun. Ibadahna oge can puguh jongjon.

Kumargi kitu, prak cicing di tengah-tengah harta banda jeung kulawarga, prak usaha pikeun nambahan harta banda, pikeun kajembaran kulawarga, tapi imbangan ku ibadah ka Pangeran, ku tho'at, ku taqwa ka Nu Maha Kawasa.

Ayat anu diluhur mertelakeun yen ulah hayoh-hayohan ibadah bari teu usaha pikeun nyumponan kaperluan hirup kulawarga. Oge ibadah teu meunang diengke-engke, engke we mun geus beunghar, engke mun umur geus 40 taun, engke mun geus sehat jeung sajabana. Kumaha mun ku Pangeran teu diparengkeun? Jadi ibadah teh kudu dilaksanakeun ti ayeuna keneh, mumpung can beunghar, mumpung can umur 40 taun, mumpung can sehat, da mun geus beunghar mah can tangtu daek ibadah, riweuh ngajaga harta sieun beak, da geus umur 40 taun mah can tangtu bisa ibadah kulantaran awak loba kasakit, encok tea, tuur leuleus tea jeung sajabana, da geus sehat mah can tangtu bisa ibadah alatan ari geus sehat mah tara inget kana pimaoteun. Jadi prung ngurus harta jeung kulawarga jeung ibadah ti ayeuna jeung saterusna satungtung urang rumingkang di pawenangan.

Keur ngurus harta, kulawarga jeung ibadah teh gunakeun naon nu aya dina diri urang jeung sacukupna nu aya, ulah maksakeun leuwih ti kamampuan, sabab ari prinsip Qona'ah teh nyaeta ngarasa cukup ku rizki, tegesna cukup dina saeutikna atawa dina lobana.

Dina ibadah moal ujug-ujug bisa jeung ikhlas, malah ibadah teh sok dimimitian ku karana pamrih jeung karana olih, keun bae heulaanan. Terus pigawe eta ibadah keur ngalatih diri, ngalatih tuman, ngalatih rido jeung ikhlas karna parentahan ti Allah.

Alat latihana sangkan manah tiasa ikhlas sareng lillah, nyaeta getol ngucapkeun Kalimah Thoyyibah nepi karaos eunteup dina rasa, sahingga timbul kasaimbangan antara mikameumeut kana harta jeung kulawarga jeung mikameumeut ka Allah. Matak eta kalimah teh disebutna Kalimah Timbangan.
Dawuhan Nabi SAW:
"Teu aya deui kalimah nu paling utama kajaba La Ilaha Illallah. Malah mun ditimbang ku dunya ge, tetep bae abot keneh kalimah thoyyibah".

Timbang diri urang, kulawarga, harta jeung ibadah ku kalimah thoyyibah samemeh jaga ditimbang di yaumal hisab ku cara dina rengse sholat kudu daek dzikir bari nangtung, bari diuk jeung bari ngagoler. Alhasil mangka sok tembong ciri dina budi parangina, nyaeta cageur-bageur.
-
Dicutat tina tausiyahna Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin dina manaqib di Masjid Sirrul Asror Pondok Pesantren Suryalaya ping 10 April 1970 M/11 Shofar 1390 H.
-
Abdul Ghoets