Jalma Anu Lolong

Allah SWT parantos ngadawuh:
"wa mang kàna fì hhadzihhì a'mà fahhuwa fil akhiroti a'mà wa adlollu sabìlà".

(Saha jalma anu di dunyana lolong, mangka di akheratna ge lolong, sasar jalana)
(Al-Isro 72)

Nu dimaksud lolong di dunya teh nyaeta lolong panon hatena.

Sulton Auliya netelakeun, yen pangna lolong atina teh kusabab atina bodo, tegesna nyaho kana perkara anu sae, tapi teu daek dilaksanakeun. Tah nu kitu teh bodo ngarana.

Anu margi jadi bodo teh alatan jiwana dibawa ku parentah nafsu anu sok mawa kangedulan, contona dina sholat, karepna mah hayangna teh diengke-engke, sumawonten dina tahajud, aya ngorejat mung ukur malik tina ngidul jadi ngaler, padahal sholat tahajud teh pangmimitina ibadah nu diayakeun ku Gusti Allah samemeh sholat anu 5 waktos.

Kangge ngahirup-hirup dina ibadah, saparantos netepan maghrib, rengse wiridan, teraskeun ku sholat sunat kangge mapag waku isya, ulah diselang heula ngadu bako. Saterusna, ba'da isya sanghareupkeun niat pikeun tahajud. Mun mah ba'da isya bade diskusi nambihan pangaweruh, mangga bae, asal, di mana tos nincak jam 12 teng, enggal tahajud. Rengse tahajud kenging teras kulem. Kucara kitu urang tiasa langkung babari ngalaksanakeun tahajud. Eta cenah, pedah memeh tahajud teh kudu kulem heula, atuh urang anggap bae hate nu lali ka Pangeran teh sami jeung sare. Kumargi kitu, bade kulem heula sae, teu kulem ge sae.

Pikeun manusa anu ngaji kana diri, terang kasaha nya ibadahna, timana nya hirupna, timana sareng saha nu ngarizkianana, saha anu ngajamin tuang leueutna, tah nu kitu teh pinter atina.

Prak geura jalankeun sagala rupi kasaean, geura etang sareng emutan sarta raoskeun diri salira, samemeh ngetang sareng ngemut-ngemut anu sanes, samemeh janten saksi ka diri nu sanes.

Urang kudu uninga, yen hawa nafsu anu nyandak sasar sareng cilaka. Anu nyebabkeun bodo sareng lolong teh: takabur, ambek, ngunek-ngunek, hasud, koret, ujub, ngupat, ngadu-ngadu sareng bohong.

Dina ati kedah diraoskeun kumaha akbarna Pangeran, dina kabeungharanana, kaagunganana sareng sagala kasampurnaan Pangeran, supados urang ulah takabur.

Nu koret teh lain nu beunghar bae, nu teu beunghar ge ari koret mah sok aya bae, contona nu pinter, sok koret ku elmuna.

Sangkan ulah ujub, mangka sagala padamelan kedah disarengan ku Lillahi Ta'ala, sarta kawitan ku maos Bismillah.

Landongna pikeun ngubaran panyawat bodo jeung lolong nyaeta ulah pegat-pegat dzikrullah.
-
Dicutat tina Manaqiban Suryalaya
22 Oktoaer 1969/11 Sya'ban 1389 H.
-

Harta Jeung Kulawarga

HARTA BANDA JEUNG KULAWARGA KUDU SAIMBANG JEUNG IBADAHNA

Motto:
"He jalma-jalma anu ariman, ulah katungkulkeun ku harta banda jeung kulawarga maraneh, nepi ka poho ka Alloh. Sing saha nu kitu, eta teh jalma nu rugi".
(Al-Munafiqun:9)

Urang teh teu tiasa pisah tina harta banda jeung kulawarga, tapi ulah katungkulkeun ku eta perkara nepi ka mopohokeun kana ibadah jeung eling ka Allah.

Eta ayat kudu dijadikeun bahan ukuran pikeun salira urang sateuacan diukur ku batur.

Sanajan urang teu beunghar, tetep we urang teh teu lesot tina dunya sanajan saeutik, sanajan teu boga anak, tetep we ibu rama atawa dulur mah boga. Tah eta teh disebutna harta banda jeung kulawarga tea.

Agama oge nganjurkeun kudu ngamumule kana harta banda sareng kulawarga, tapi kudu disaimbangkeun jeung ngabdi ka Pangeran, malah dina ngamumulena eta harta sareng kulawarga teh kedah dumasar kana ibadah ka Pangeran.

Uzlah ka leuweung anu dumasar alim diganggu ku harta jeung kulawarga, eta teh disebutna seuseuneueun, sabab hirup di tempat nu singkur jauh ti batur, encan puguh bisa lesot tina harta sanajan saeutik. Kitu deui hate can puguh bisa lesot tina ingetan ka kulawarga. Nu puguh mah kawajiban-kawajiban ka kulawarga sareng ka masyarakat ditinggalkeun. Ibadahna oge can puguh jongjon.

Kumargi kitu, prak cicing di tengah-tengah harta banda jeung kulawarga, prak usaha pikeun nambahan harta banda, pikeun kajembaran kulawarga, tapi imbangan ku ibadah ka Pangeran, ku tho'at, ku taqwa ka Nu Maha Kawasa.

Ayat anu diluhur mertelakeun yen ulah hayoh-hayohan ibadah bari teu usaha pikeun nyumponan kaperluan hirup kulawarga. Oge ibadah teu meunang diengke-engke, engke we mun geus beunghar, engke mun umur geus 40 taun, engke mun geus sehat jeung sajabana. Kumaha mun ku Pangeran teu diparengkeun? Jadi ibadah teh kudu dilaksanakeun ti ayeuna keneh, mumpung can beunghar, mumpung can umur 40 taun, mumpung can sehat, da mun geus beunghar mah can tangtu daek ibadah, riweuh ngajaga harta sieun beak, da geus umur 40 taun mah can tangtu bisa ibadah kulantaran awak loba kasakit, encok tea, tuur leuleus tea jeung sajabana, da geus sehat mah can tangtu bisa ibadah alatan ari geus sehat mah tara inget kana pimaoteun. Jadi prung ngurus harta jeung kulawarga jeung ibadah ti ayeuna jeung saterusna satungtung urang rumingkang di pawenangan.

Keur ngurus harta, kulawarga jeung ibadah teh gunakeun naon nu aya dina diri urang jeung sacukupna nu aya, ulah maksakeun leuwih ti kamampuan, sabab ari prinsip Qona'ah teh nyaeta ngarasa cukup ku rizki, tegesna cukup dina saeutikna atawa dina lobana.

Dina ibadah moal ujug-ujug bisa jeung ikhlas, malah ibadah teh sok dimimitian ku karana pamrih jeung karana olih, keun bae heulaanan. Terus pigawe eta ibadah keur ngalatih diri, ngalatih tuman, ngalatih rido jeung ikhlas karna parentahan ti Allah.

Alat latihana sangkan manah tiasa ikhlas sareng lillah, nyaeta getol ngucapkeun Kalimah Thoyyibah nepi karaos eunteup dina rasa, sahingga timbul kasaimbangan antara mikameumeut kana harta jeung kulawarga jeung mikameumeut ka Allah. Matak eta kalimah teh disebutna Kalimah Timbangan.
Dawuhan Nabi SAW:
"Teu aya deui kalimah nu paling utama kajaba La Ilaha Illallah. Malah mun ditimbang ku dunya ge, tetep bae abot keneh kalimah thoyyibah".

Timbang diri urang, kulawarga, harta jeung ibadah ku kalimah thoyyibah samemeh jaga ditimbang di yaumal hisab ku cara dina rengse sholat kudu daek dzikir bari nangtung, bari diuk jeung bari ngagoler. Alhasil mangka sok tembong ciri dina budi parangina, nyaeta cageur-bageur.
-
Dicutat tina tausiyahna Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin dina manaqib di Masjid Sirrul Asror Pondok Pesantren Suryalaya ping 10 April 1970 M/11 Shofar 1390 H.
-
Abdul Ghoets